Numbuk di Sue karya Moh. Ambri—sastrawan realis Sunda nu kawentar—nyaritakeun pangalaman sababaraha murid sakola di Bandung ka basisir kidul di daerah Garut, nyaeta Cisompet jeung Pameungpeuk. Maranehna arulin ka Pakidulan Garut teh waktu pakansi ahir taun sabada rengse samen di sakolana. Pangalaman anu dicaritakeun ku Emang si kuring—nu nyaritakeun ka urang—ngagunakeun kalimat-kalimat nu teu make subyek. Ku lantaran kitu, caritana teh jadi hirup jeung dipiwanoh ku nu macana. Dina perjalananana, maranehna mindeng ngalaman apes, teu nepi kana nu geus direncanakeun jeung diajamkeun. Pangalaman di basisir kidul Garut nu pangdipikaresepna nyaeta moro badak—nu mangsa harita masih keneh loba kapanggih di dinya. Malah fragmen moro badak mah kungsi ditarjamahkeun kana basa Inggris (Stories from Asia, 1978), tuluy kana basa-basa Asia kayaning Jepang, Cina, Koréa, Hindi, jll-na.
Unduh untuk perangkat lain:
Jadilah yang pertama memberikan ulasan!
Bukunya bagus banget!
Lorem ipsum dolor, sit amet consectetur adipisicing elit. Aliquam nulla iusto repellat qui, soluta laborum deserunt quis veritatis reprehenderit sint assumenda natus officiis! Nesciunt nisi eius rem dolor placeat consectetur.
Isinya daging semua cuy! Recomended.