Ngabedega dina panto. Awak jangkung gedé. Kulit hideung. Beungeut serem. Mata hideung. Siga mata oray. Matak sebér anu neuleu. Sakedapan kuring kur molohok. Mata simeuteun. Tapi. Najan rampang-reumpeung, kuring nitah asup. Laju manéhna diuk. Pahareup-hareup jeung kuring. Manéhna teu nyoara.